:

Kidung Agung 6

1

\it Wanoja-wanoja:\it* Di lebah mana ngilesna panutan teh, leuh bentangna para wanoja? Ka lebah mana angkatna, kuring sadaya seja mantuan neangan.

2

\it Wanoja:\it* Angkatna mah ka kebonna, ka petakan wawangian, kersana sumeja ngangon bari metik kembang bakung.

3

Nya anjeunna panutan ati, ieu kuring kakasihna. Ngangonna teh lebah dinya, di antara kembang bakung.

4

\it Nonoman:\it* Ku geulis enung jungjunan, sarupi jeung Yerusalem, sari rasmi sarupi jeung kota Tirsa, matak rumenghap nu ningal lir ningal eta dua kota anu agung.

5

Gilerkeun soca enung ka palih ditu, paneuteupna ngabandang engkang. Rambut ombak-ombakan lir embe-embe keur tarurun ti pasir-pasir Gilad.

6

Waos enung bodasna tinanding domba-domba anu nembe dimandian tas dicukuran, beres roes pepek jangkep, taya nu coceng.

7

Damis enung ngalangkang jeroeun cindung.

8

Keun bae raja mah rea geureuhana ge, prameswari genep puluh, parekan dalapan puluh, mojang herang pirang-pirang.

9

Ari nu dipikacinta ku kuring mah ngan hiji, nu geulisna lir japati putra tunggal ibuna anu pang dipikanyaahna pamujian para istri, malah dialem ku prameswari, ku parekan kitu deui.

10

Itu saha nu ngagebray tanding pajar, mani ngempray tanding bulan, mancurna tanding sang surya?

11

Kuring datang ka kebon kanari, ngalanglang tutuwuhan anu keur marentik di lengkob, ngaroris sirung anggur, jeung ngilikan dalima nu karembangan.

12

Engkang teh ngadegdeg, nataku sonona ka enung, lir kusir kareta perang nu hayang geura prung tarung.

13

\it Wanoja-wanoja:\it* Cobi ngibing, cobi ngigel, leuh mojang Sulam, bade ditongton ku kuring sadaya. (6-14) \it Wanoja:\it* Naha bet harayang ningal kuring ngigel di antara barisan panongton?

Link: